::Kieu Geuning (Rafina BlogSites)::

Wednesday, August 11, 2004

Hanya sesaat moga-moga

Entah karena hari yang buruk dengan beban pekerjaan overload --yang sebetulnya tidak-- atau karena permainan `si qolbu` yang --mungkin-- pada saat ini sedang berbandul ke titik kemalasan..sepertinya segalanya tentang `dia` menjadi sesuatu yang tidak menarik untuk di lirik. Im so sory about that.
Bahkan untuk sekedar menulis beberapa patah kalimat menjadi sangatsulit untuk dilakukan..entah mengapa..hanya saja --mudah2an-- ini hanya sesaat. tidak lebih. dan besok atau minggu depan semuanya akan menjadi lebih biasa dari sebelumnya.

*Punten sanes ku basa sunda

Sunday, August 08, 2004

Masak nyalira ah..

Saha coba anu teu hobi emam? pasti sadayanan oge tiap dinten aya hiji waktos anu kangeeen pisan hoyong emam nya? boh enjing, siang, sonten atanapi wengi. Tapi da wajar da ari emam teh tos jadi kabutuhan anu teu tiasa di lepatkeun. Ningalii atu tiasa masak teu ari abdi mah meuni sirik, komo upami masakanana ngena di letah..wuih..sok tingali acara Allez Champion di Indosiar meni jago nya..tapi, kango abdimah masakan sederhana anu teu ruwet tetep jadi pilihan no hiji, cekap emam teh ku sayur haseum, laukna teri atawa japuh wah..sareng sambel...pokoknamah dunya milik nyalira welah..tapi tong hilap emping upami aya..ayeuna sim kuring nuju belajar masak, sugan we tiasa nyaingan superchef di Indosiar hehe..**etamah jauh ketang. Ya sahenteuna tiasa masak kanggo di bumi engkin upami istri teu aya di bumi :) Sambel goreng kentang rupinamah enak yeuh..masak ah..

Friday, August 06, 2004

Naon sih ari mandiri teh?

Mandiri saur basa Indonesia, 'be ur self**' saur basa Inggris, sareng *self *self anu sanesna..tapi nu jelas mah ari bade mandiri teh pastina sesah..sesah kusabab seueur sababna. Sapertos mandiri dina padamelan, alias pangawasan anu minimal tea. Diraraos nya raos damel nyalira..tiasa ngerjaken sadaya rupi padamelan anu di pikahoyong, tapi nya eta, kadang **eh** seueurna ketang malah sanes padamelan anu di pidamel teh malah anu sanes. Emang sih sadayana oge proses, abdimah percanten sadayana oge pasti aya jalanna. Mudah2an we engkin ka payun tiasa lewih mandiri deui..untung-untung tiasa damel nyalira alias wiraswasta anu sukses hehe **amin.

Atawa emang 'mental' tea anu teu tiasa di raih ku proses??. jadi bingung oge euy...

Thursday, August 05, 2004

Damang Sadayana?

Aduh..te kintennya teu karaos ayeuna teh 2 sasih deui badi saum **meni enggal pisan**. Oh enya, iyeu abdi 'Iwang saur rencang kampus kapungkur, 'Ihwan saur urang bumi, 'Dojeng saur rencang ameng kapungkur ngawitan bade ngeblog **naon nya basa sundana? Pokoknamah nyerat pengalaman sehari-hari welah kitu...Tadinamah badi ku basa inggris nyretna, tapi nya kumargi rada-rada sesah jadi welah nganggo basa sunda wae, iyeu oge osok salah keneh. Kitu heula wenya ayenamah...Salam kanggo sadanyana. Hatur Nuhun